oleh: Budi Wahyudi Akang Saréréa
Di hiji wewengkon kacaritakeun
aya jalma nu ngaran Enjang, nalika aya ririungan diantara babaturanana,
Enjang kanyahoan bet suwung tegesna teu milu ngariung dina mangsa
harita téh. Ceuk salah saurang babaturanana, pangna Enjang teu datang
téh alatan manéhna keur aya di Jakarta, ngalongok nu jadi dulurna
diditu. Ceuk saurang deui, cenah Enjang téh keur uubar ka Garut alatan
katarajang hiji panyakit. Ceuk saurang deui, Enjang keur aya di Djogja,
keur pelesiran. Tina tilu rupa iber éta, mustahil aya dua atawa
kabéhanana bener, nu pasti mah salahsahijina nu bener mah atawa bisa waé
kabéhanana gé salah. Lamun urang geus yakin kana salahsahiji iber éta,
tangtu iber anu béda jeung kayakinan urang,tangtu éta iber téh salah.
Mustahil urang nganggap tiluanana bener, yén harita Enjang téh keur aya
di Jakarta sakaligus uubar di Garut bari pelesiran di Djogja, tangtu éta
pamikiran sasar tur salah.