Like This, Oke !!

Bewara

Hadirilah....
DISKUSI KEBANGSAAN JILID II "Momentum Hari Pahlawan, Upaya Membangun Bandung Berdikari"
Pembicara :
1. Drs. H. Asep Dedy Ruyadi, M.Si (Wakil Ketua DPRD KOTA BANDUNG)
2. H. Dedi Supandi, S.STP, M.Si (Ketua DPD KNPI KOTA BANDUNG)
3. Ust. Iman Setiawan Latief, SH (Ketua PD PERSIS KOTA BANDUNG)
4. Ridwan Rustandi (Ketua Hima Persis Kota Bandung
Jum'at, 16 November 2012
13.00-selesai
@AULA PP PERSIS (Jl. Perintis Kemerdekaan)

Graties dan terbuka untuk umum!!

KOpi gratis, Snack Gratis, dll

Organized BY
PD HIMA PERSIS KOTA BANDUNG
CP:085721502422

Senin, 05 November 2012

Ti Bihari, Kiwari, tug Nepi ka Jaga

oleh: Budi Wahyudi Akang Saréréa

    Di hiji wewengkon kacaritakeun aya jalma nu ngaran Enjang, nalika aya ririungan diantara babaturanana, Enjang kanyahoan bet suwung tegesna teu milu ngariung dina mangsa harita téh. Ceuk salah saurang babaturanana, pangna Enjang teu datang téh alatan manéhna keur aya di Jakarta, ngalongok nu jadi dulurna diditu. Ceuk saurang deui, cenah Enjang téh keur uubar ka Garut alatan katarajang hiji panyakit. Ceuk saurang deui, Enjang keur aya di Djogja, keur pelesiran. Tina tilu rupa iber éta, mustahil aya dua atawa kabéhanana bener, nu pasti mah salahsahijina nu bener mah atawa bisa waé kabéhanana gé salah. Lamun urang geus yakin kana salahsahiji iber éta, tangtu iber anu béda jeung kayakinan urang,tangtu éta iber téh salah. Mustahil urang nganggap tiluanana bener, yén harita Enjang téh keur aya di Jakarta sakaligus uubar di Garut bari pelesiran di Djogja, tangtu éta pamikiran sasar tur salah.
    
Lamun urang ngaku nyangking agama Islam kalawan yakin, tangtu perkara naon baé anu béda jeung kayakinan urang, éta kayakinan anu salah. Siga urang Nashrani anu nganggap yén ngan agama Nashrani anu bener, ogé urang Budha nganggap yén ngan agama Budha anu bener, tangtu urang misti ngangkat topi pikeun jalma-jalma éta alatan maranéhanana mibanda kayakinan anu teteg, sanajan kayakinanana sasar kacida. Sakapeung sok ngarasa anéh mun aya jalma anu nganggap sakabéh agama bener, anu nganggap Allah Maha Esa bener, anu nganggap Allah kagungan putra bener, atawa anu nganggap ayana gusti-gusti lian ti Allah gé bener, tah éta pamikiran nu sasar mah.

    Mustahil Allah nurunkeun agama anu béda-béda prinsip aqidahna, lamun Allah nurunkeun kitab suci jeung syaréat agama anu béda, enya. Tpi tetep aqidahna mah éta-éta kénéh, Islam téa, teu meunang ibadah lian ti ka Allah Nu Maha Esa, sarta teu nyarékatkeun Allah jeung perkara naon baé. Dawuhan Allah SWT :

"Prak arucapkeun , 'abdi sadaya iman ka Allah sareng kana perkara anu diturunkeun ka abdi sadaya, sareng kana perkara anu diturunkeun ka Ibrahim, Ismail, Ishaq, Ya'qub, sareng sékésélér/anak incuna, sareng kana naon anu parantos dipasihkeun ka Musa, sareng 'Isa, sareng kana sagala perkara anu tas dipasihkeun ka para Nabi ti Pangéran aranjeunna. Abdi sadaya henteu ngabéntenkeun salahsawios ti aranjeunna sareng nu sanésna. Sareng mung ka Anjeunna (Allah) wungkul abdi sadaya sumerah diri."(QS.al_Baqarah/Sapi Bikang 2 : 136).

"..........Agama aranjeun téh nyaéta agama bapa aranjeun, Ibrahim. Allah parantos nyebut aranjeun 'Muslimin' ti baheula jeung deui dina ieu (al_Qur'an), sangkan Rasul jadi saksi (yén manéhna geus nepikeun risalah-Na) sarta aranjeun jadi saksi ka sakumna manusa (jadi picontoeun dina kasatimbangan antara kadunyaan jeung kaahératan)............." (QS al_Hajj/Hajji 22 : 78).

    Tina dua ayat éta gé geus tétéla yén ti jaman nabi Adam a.s tug nepika Muhammad saw minangka nabi panungtung, Allah ngan nurunkeun hiji agama, nyaéta Islam. Jalma atawa bangsa Yahudi anu hirup di jaman Musa a.s, tuluy ngangking agama Islam kalawan nuturkeun syaré'at Musa harita, nyaéta nu kaunggel dina Taurat tug nepika diutusna 'Isa a.s , pinasti éta jalma ahli surga. Jalma anu hirup di jaman 'Isa tuluy nyangking agama Islam kalawan nuturkeun syaré'at 'Isa harita, nyaéta nu kaunggel dina Injil tug nepika diutusna Muhammad saw, pinasti éta jalma ahli surga. Kiwari, syaré'at Islam nu lumaku nyaéta syaré'at nabi Muhammad saw minangka nabi panungtung nepika poé kiamat. Rék ti bangsa Yahudi, Nashrani, Shabi'in, urang Hindu, jrrd anu hirup jaman kiwari lamun mibanda karep kahayang pikeun salamet dunya akhérat, taya jalan séjén lian ti kudu ngalaksanakeun agama Islam nu dibawa ku nabi Muhammad saw sapuratina.

"Satemenna jalma-jalma anu ariman, katut urang-urang Yahudi, jeung Nashrani, sarta kaum shabi-in, sing saha baé anu iman ka Allah (tegesna asup agama Islam), sarta kana poé ahérat, sarta milampah kahadéan('amal shaléh mungguh Allah), maranéhna bakal narima ganjaran ti Gusti_Na. Maranéhna moal salempang jeung moal ngarasa tunggara." (QS.al_Baqarah/Sapi Bikang 2: 62).

    Anapon jalma anu aku-aku angga atawa aakuanan nyangking agama nabi-nabi baheula bari teu luyu jeung nu diturunkeun ku Allah, tangtu perkara éta ngan pupulasan tur kasasaran wungkul. Sabab, maranéhna ti baheula kénéh geus sasar nepika nyembah patung anak sapi, nganggap Uzair/Ezra mangrupikeun putra Allah, nganggap 'Isa putra Allah malah aya nu nganggap yén Allah téh nyaéta 'Isa, jrrd.Padahal, Taurat, Injil, Zabur téh ngajarkeun agama tur prinsip aqidah nu sarua.Anapon, kitab-kitab nu dianggap Taurat, Injil, ogé Zabur kiwari, nyaéta hasil pangropéa jalma-jalma kafir, lajeng pagedrug pisan antara eusining kitab jeung idiologi maranéhanana anu cenderung nyarékatkeun Allah.

Cobi titénan ayat-ayat alkitab ieu, tangtu pagedrug pisan jeung pamadegan maranéhanana kiwari : 

"Kanyahokeun hé urang Israél, nya Pangéran, ngan Pangéran (Nu Maha Esa), Allah urang téh" (Ellehadebarim/Pamindo 6: 4).

"Ieu kami, Pangéran Allah maranéh, anu ngajait maranéh ti Mesir, tempat maranéh dijieun badega. Maranéh ulah babakti ka aallahan, kudu ngabakti ka Kami. Maranéh ulah nyieun sesembahan rupa naon baé ti nu aya di langit, atawa di bumi, atawa di cai sahandapeun bumi. Poma ulah nyembah atawa ngabakti ka nu karitu, karana Kami, Pangéran Allah maranéh, embung disaruakeun jeung naon baé."  (Ellehadebarim/Pamindo 5 :  6-9).

"jeung ulah nyambat ka saha waé nu aya di dunya ieu, sabab Rama (maksudna Pangéran/Gusti) maranéh mah ngan Hiji, di Sawarga." (Injil Matéus 23 : 9).

"Demi hirup nu langgeng téh nyaéta terang ka Ama, Allah sajati anu Mung Hiji, sareng ka UTUSAN Ama, Yésus Kristus." ( Injil Yohanés 17 : 3).

  Bisa kanyahoan ku urang yén maranéhanana mibanda kayakinan anu teu sarua, malah pagedrug jeung kitab anu diropéa ku maranéhanana sorangan. Lamun kitu, saha atuh nu bakal nyalametkeun maranéhanana?? mugi urang saréréa tetep tigin dina miara kaIslaman, minangka hiji-hijina jalan kasalametan. Wallahu 'alam.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar