oleh: Yoga ZaraAndritra*
Harita basa kuring sakola di
tingkat dadasar kénéh nya éta MI (Madrasah Ibtidaiyah) di lembur nu geus
kaitung buhun Cidadap tea. Kuring sok rajeun ningali pa Bandi, pulang anting
mamawa buku ka imah aki kuring, pa Atik. Hiji mangsa, pa Bandi sok mamawa
Majalah Iber; dina hiji mangsa nu lain mawa diktat nu disusun ku anjeuna kénéh,
judulna “Babasan jeung Paribasa Sunda”, jeung diktat-diktat nu laina nu disusun
ku anjeuna keur ngamumulé basa Sunda. Sangkan ulah dipopohokeun ku generasi
ayeuna.
Anapon kuring can kungsi maca
Majalah Iber tepika réngsé, tepika wanoh pisan kana éta majalah. Kuring
saeutikna apal kana eta majalah. Majalah Iber teh diterbitkeun ku ‘Pimpinan
Pusat Persatuan Islam (PP Persis)’, bralna mah duka ti taun sabaraha. Mung pami
niténan buku ‘Sejarah Perjuangan Persis 1923-1983’ nu disusun ku Dadan Wildan,
teu kungsi dicaritakeun Majalah Iber; naha bet terbit, kamana waé sirkulasina
jeung kumaha carita disabudeureun Majalah Iber. Majalah Iber ieu, make basa
Sunda.
Kusabab teu dicaritakeun dina
buku nu disusun ku Dadan Wildan. Kuring nyokot kesimpulan yén Majalah Iber
bralna saenggeus taun 1983. Dina subjudul ‘Publikasi’ nu aya di Bab IV, Dadan
Wildan ngan nyaritakeun Majalah ‘At-Taqwa’ nu diterbitkeun ku PP Persis make
basa Sunda, dipimpina ku E. Abdurrahman jeung O. Qomaruddin Saleh. Majalah ‘At-Taqwa’
ieu, mimiti terbit taun 1937 M, diterbitkeun pikeun jelema-jelema Persis nu teu
pati ngarti basa Indonesia, ngan ngarti basa Sunda.
Bieu pisan, basa tulisan ieu
nembe réngsé tilu paragraf, kuring ubral-obrol heula jeung kang Dédén ngeunaan
pa Bandi. Kang Dédén mah cigana kungsi ngobrol jeung pa Bandi, da anjeuna mah
harita basa pa Bandi rada jagjag keneh, nuju aktif-aktifna di ‘Pemuda Persatuan
Islam Cabang Padalarang’. Matak kuring rada percaya ka katerangan kang Dédén nu
nyatakeun yén pa Bandi sok nulis di Majalah Iber. Kuring loba tunya-tanya ka
batur ngeunaan pa Bandi jeung Majalah Iber sabab kuring teu kungsi maca jeung
merhatikeun Majalah Iber komo deui ngobrol jeung pa Bandi mah.
Cigana pulang-antingna pa Bandi
ka teun pa Atik (aki kuring tea) bari mamawa Majalah Iber, nya éta keur bacaeun
aki kuring. Sabab aki kuring ngalanggan éta majalah ti harita keneh bahkan tepika ayeuna. Numatak di lomari
bukuna aya ngantai/ngajajar Majalah Iber wungkul.
Tuluy, harita basa keur kuring MI
kénéh, aki kuring masih kénéh ngurus MI, ngagem amanah janten ‘Kepala Sekolah
MI al-Jihad’. Murid-murid nu sakola di éta MI diwajibkeun ngabogaan buku nu
disusun ku pa Bandi. Sainget kuring, aya tilu buku nu kudu dipiboga ku murid.
Kulantaran harita mah teu nganggap penting buku-buku ngeunaan basa Sunda nu
disusun ku pa Bandi. Nya, éta buku nu tilu teu pati dipulasara ku kuring.
Antukna, tina tilu buku nu dipiboga ku kuring ngan nyésa hiji, judulna,
‘Babasan jeung Paribasa Sunda’.
Ayeuna mah béda jeung baheula. Baheula
kuring teu nganggap penting kana buku-buku nu make basa Sunda. Ayeuna mah
sabalikna, kuring nganggap penting kana buku-buku nu make basa Sunda, sabab didinya
basa Sunda dipulasara, dimumulé sangkan ulah dipopohokeun jeung disapirakeun.
Nyapirakeun basa indung sarua jeung nyapirakeun indung sorangan. Urang geus
pada-pada apal, yén urang teu sapati-pati cicing di tatar Sunda, ku Gusti
dikeresakeun jadi urang Sunda, ari lain keur ngébréhkeun rasa sukur ka Gusti
mah. Ku cara ngamumulé jeung reueus jadi urang Sunda, sarta make basa Sunda
dimana baé nalika ngobrol jeung sasama urang Sunda.
Tina rasa reueus ieu, mangka
urang Sunda moal babari dijajah kunu lain, reueus teh sabalikna tina sikep épés
mé ér. Épés mé ér teh sikep-sikep jelema nu teu bisa hirup mun teu dijajah ku
batur. Mun boga taneuh, taneuhna bakal diurus ku sorangan moal babari dijual ka
pengusaha nu rék ngawangun pabrik atawa perumahan sahingga dirina salaku
pribumi bakal nyémah di taneuh sorangan.
Karasa ku kuring, basa Sunda mah
basa rasa, leuwih anteb nalika digunakeun pikeun ngagambarkeun hiji hal/hiji
pikir jeung hiji rasa. Pangarti ieu lain rék nyapirakeun basa-basa lain nu
hirup di ieu buana. Tuluy, nulis make basa Sunda, keur kuring ayeuna sarua
jeung ngolah rasa. Kitu ogé ngomong, ngomong maké basa Sunda sarua jeung ngolah
rasa sangkan urang leuwih peka kanu diajak ngomong.
Tina pangarti di luhur
ngahasilkeun laku, tingkah paripolah. Ayeuna kuring ngamimitian mukaan deui
buku-buku, diantawisna nu disusun ku pa Bandi jeung buku-buku nu make basa
Sunda laina. Alhamdulillah, ayeuna kuring jadi apal, naon wangenan tina Babasan
jeung Paribasa. Ari babasan teh nya éta ucapan matok nu dipaké dina harti
injeuman, contona: gedé hulu, panjang leungeun, jsb. Tuluy, ari paribasa teh
nya éta ucapan matok saeutik patri nu mangrupa siloka langkuning hirup (pituah,
piluangeun jsb), contona: Mapatahan ngojay ka meri; Moro julang ngaleupaskeun
peusing, jsb. Apalna kuring kana wangenan dua kecap di luhur lantaran kuring
maca diktat nu disusun ku pa Bandi.
Catetan ieu kuring jieun keur
negeskeun, anapon pa Bandi salaku salah sahiji pupuhu nu ngagiatkeun basa Sunda
di sakola-sakola ayeuna parantos ngantunkeun. Sumanget ngamumulé basa Sundana
mah tong ngilu ngantunkeun. Budak ngora nu ngarti kudu nuluykeun naon-naon baé
nu diperjuangkeun ku pa Bandi, nya éta ngamumulé basa sorangan.
*Adalah Mahasiswa Aqidah Filsafat UIN Bandung, kerap berdiskusi di Lembaga pengkajian Ilmu Keislaman (LPIK)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar