Like This, Oke !!

Bewara

Hadirilah....
DISKUSI KEBANGSAAN JILID II "Momentum Hari Pahlawan, Upaya Membangun Bandung Berdikari"
Pembicara :
1. Drs. H. Asep Dedy Ruyadi, M.Si (Wakil Ketua DPRD KOTA BANDUNG)
2. H. Dedi Supandi, S.STP, M.Si (Ketua DPD KNPI KOTA BANDUNG)
3. Ust. Iman Setiawan Latief, SH (Ketua PD PERSIS KOTA BANDUNG)
4. Ridwan Rustandi (Ketua Hima Persis Kota Bandung
Jum'at, 16 November 2012
13.00-selesai
@AULA PP PERSIS (Jl. Perintis Kemerdekaan)

Graties dan terbuka untuk umum!!

KOpi gratis, Snack Gratis, dll

Organized BY
PD HIMA PERSIS KOTA BANDUNG
CP:085721502422

Jumat, 26 Oktober 2012

Nyoréang Mangsa ka Tukang, Mapay Raratan Carita Baheula


By Budi Wahyudi Akang Saréréa

Salah sahiji eusining al_Qur'an al_Karim nyaéta mangrupa babad atawa kisah, sok sanajan kitu dina émpona mah al_Qur'an téh teu medar kalawan teleb "kumaha kajadianana éta babad?" tapi "aya hikmah naon disatukangeun éta babad?".

Dina babad Qurban nabi Ibrahim a.s ogé nu penting mah naon cutateunana tina éta babad. Nyaéta katetegan manah nu jadi bapak diuji Allah ku cara meuncit putra hiji-hijina, anu tangtu meunang hayang jeung teu mangmang deui dina mikanyaahna. Tapi kulantaran taya nu leuwih diutamakeun lian ti paréntah Allah, mangka Ibrahim teu loba lénglé, terus baé migawé kana éta paréntah Allah, nepika Allah nebus putrana Ibrahim (Ismail a.s) ku peupeuncitan anu lintuh, minangka panyecep atawa buruh tina kasabaran Ibrahim.Teu cukup kitu Allah maparinan walesan pikeun jalma anu taqwa, lajeng Allah maparinan kabungah ku medalna hiji putra, Ishaq a.s kakasihna.Ieu babad tiasa diuninga dina al_Qur'an diantarana surat : ash_Shaffat ayat 101-112.

Jalma-jalma anu meunang bebendon Allah (al_Maghdub ) jeung anu salasar (adl_dlaliin), geus puguh ngarobah eusining kitab sucina sorangan, nyaéta Taurat jeung Injil alatan teu luyu jeung hawa nafsuna, nepika kitab suci nu aya kiwari, lain Dawuhan Allah deui tapi hasil pangropéa leungeun-leungeun maranéhanana. Maranéhanana ngaganti babad pangorbanan Ismail a.s ku pangorbanan Ishaq a.s, ngan hanjakal pangropéa leungeun-leungeun maranéhanana kaétang nembrak pisan, nepika bisa kanyahoan yén perkara éta téh BOHONG wungkul atawa panipuan ku cara nukeurkeun ngaran. Pikeun ngabuktikeunana, mangga urang titénan kitab Kajadian 16 : 15 nu nétélakeun kalahiran putrana Ibrahim nu munggaran kakasihna Ismail : "Geus kitu Hajar ngalahirkeun hji putra pikeun Ibrahim. Seug ku Ibrahim dijenenganan Ismail. Yuswa Ibrahim harita dalapan puluh genep taun." Tapi dina Kajadian 22 : 2 diunggel kieu : "Timbalan Allah : Anak kadeudeuh manéh anu ngan hiji-hijina , Ishak. Bawa ka tanah Moria. Kurbankeun ku manéh kaditu, duruk di hiji gunung anu ku Kami dituduhkeun."


Ismail a.s leuwih kolot 13 taun batan Ishaq a.s numutkeun Kajadian 17 : 24, 25 , jeung 26. Nalika Ibrahim jeung putrana Ismail disunatan éta mangrupa cicirén kasubayaan jeung Allah. Harita, umur Ibrahim 99 taun anapon Ismail 13 taun. Jeung Ishaq mah boro-boro geus lahir, dikandung gé acan.


Numutkeun Kajadian 22 : 2 ngeunaan pangorbanan éta disebut yén Ishak téh anak Ibrahim anu ngan hiji-hijina. Perkara ieu geus pasti teu bener sabab Ishak lain anak nu ngan hiji-hijina, jalaran Ismail, lanceukna Ishak masih kénéh jumeneng. Ieu salah sahiji bukti kaceuceub maranéhanana ka Islam katut kaum Muslimin.




(HANCA)


 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar